Friday, December 9, 2011

BATRAWALI (darso)


Hariwang nu geulis midangdang
Kaerup jajaka gandang
Geuteuh ngeclak keur balangah
Mupus raray kasucian
Poek ku nimatna cinta
Marengan cahya keur hibar
Pamikirna bakal rek satuhu
Jajaka nu di picinta
Kutan nu jadi panutan
Ninggalkeun taya laratan
Batrawali nya pait nya peuheur
Meulit ka batin nu geulis
Palangsiang nu dikantun
Teu dosa bet di tandasan

No comments:

Post a Comment